‘’KABAYAN JANTEN BOYBAND’’
Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung
meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan
eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia.
Geus lima taun teh Kabayan balik ka
kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana
Kabayan :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus
keur Nyokap.”(Gogorowokan bari lulumpatan)
Ambu :”Naon ari
maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas
keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna
sakampung.”
Kabayan :’Huuuu,si Ambu mah da mahiwal
wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu apal.”
Ambu :”Ah maneh
mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah maneh
istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.”
Kabayan :”Heu si Ambu mah ari Kabayan
mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi
Iteung heula.”
Ambu :”Nyi
Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”
Kabayan :”Ma’enya Ambu,Nyi Iteung can
balik?”
Ambu
:”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”
Kabayan :”Ah nya tos weh,Kabayan rek
istirahat heula.”(Asup ka kamar sabari
cirambai cai panon)
Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung
Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang jeung si Kabayan
padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV
gratis di imah si Kabayan.
Cenang
:”Kabayan..!Kabayan..!.”
Nanang :”Kabayan…..!”
Ambu
:”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)
Nanang :”Kabayana aya?”
Ambu :”Aya sok
weh lebet.”
Cenang Nanang:”asik.”(Sabari asup ka
imah Kabayan)
Cenang :”Hey Kabayan,gaya
lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.”
Kabayan :”Ah,urang oge nyaho niat maneh
ka dieu,rek milu nonton TV.”
Nanang :”Ahhhh.Kabayan mah terang
wae niat abdi,hihihi..”
Kabayan :”Geuslah maraneh naronton
ditu,urang mah lieur.”
Cenang :”Eh…eh Kabayan,naha
eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari
nunjuk-nunjuk ka TV)
Nanang :”Mana ? oh enya eta mah
si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.”
Kabayan :”Mana? mana? Oh beneur
geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”
Nanang :”Ah..maneh mah
Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok
Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”
Cenang :”Bener tah
Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.”
Kabayan :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha
atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari nyepengan tarang)
Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya
manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji
iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang
tinggal.
Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung
Eksis.Aranjeun
hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan
audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal
ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar
TV sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan)
Kabayan
:”Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka
Jakarta ambeh tiasa patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?”
Nanang
:”Asyik,jadi artis.”
Cenang
:”Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang
si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring satuju.”
Isukana
Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta
tiluana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade
ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.
Ambu
:”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening
aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)
Komentator
:”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.”
Kabayan
:”Perkenalkeun wasta abdi David.”
Nanang
:”Wasta abdi Kevin.”
Cenang
:(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun
ngaran)”Nami abdi Cecep.”
Kabayan
:”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David
jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang)
Cenang
:”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.”
Nanang
:”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.”
Cenang
:”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.”
Komentator
:”Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.”
Pas Kabayan
,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu
teh langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge
pasti bingung, hayu urang tinggal adegana.
Kabayan
:”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”
Ambu
:”Jahe jang, jahe,jahe.”
Kabayan
:”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV)
Ambu
:”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)
Kabayan
:”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari asup deui ka layar TV)
Ambu
:”Enya sami-sami.”
Cenang
:”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”
Komentator
:”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)
Nanang
:”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari
ngaharewos ka ceuli si Kabayan)
Komentator
:”Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.”
Hotts
:”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)
Sanggeus
audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka
Kabayan, Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu
ngarana Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.
Reporter
:”Kunaon nami anjeun Syahlacin?”
Iteung
:”Kusabab saya alay cin..”
Reporter
:”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa
naek daun?”
Iteung
;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”
Reporter
:”Anjeun yakin?”
Iteung
:”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”
Ujug-ujug Kabayan jeung
sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin.
Kabayan
:”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”
Iteung
:”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”
Nanang
:”Astaghfirulohnya.!’’
Iteung
:”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”
Nanang
:”Keun welah.”
Kabayan
:”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek
ngagentos ngaran naon ge !”
Iteung
:”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”
Cenang
:”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge
poho.”
Iteung
:”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh
siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”(Sabari malingkeun sirah)
Pas dina acara eta
Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu
omongeun,ku sabab Iteung datangna telat.
Ayanti
:”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari
ngadelekan Syahlacin)
Iteung
:”Enya urang telat kunaon kitu?”
Ayanti
:”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh
mah.”
Iteung
:”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu
lain heula,you now?”
Ayant
:”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari
ninggalkeun iteung)
Iteung
:”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”
Isukannana, Hotts teh
keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab
mikiran si Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.
Koreografer
:”Hiji,dua,tilu mulai.”
Hotts
:(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan
henteu bener)
Koreografer
:”David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make mistar)
Kabayan
:”Hampura bu korek.”
Cenang
:”Koreografer lain korek.”
Nanang
:”Tumben maneh pinter.”
Koreografer
:”Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)
Hotts
:”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)
Pas tos rengse
latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti.
Ayanti
:”Eh David ti mana ?”
Kabayan
:”Ti tempat latihan.”
Cenang
:”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.”
Ayanti
:”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.”
Nanang
:”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?”
Ayanti
:”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”
Cenang
:”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”(Sabari seserian)
Kabayan
:”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”
Nanang
:”Tah..he’euh bener, hayu atuh.”
Kabayan
:”Ti payun nya neng Ayanti.”
Ayanti
:”Enya.”(Sabari seuri isin)
Ti saprak Ayanti
panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti
the ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana
urang tinggal adegan ieunya.
Reporter
:”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)
Ayanti
:”Punteunnya aya urusa naon?”
Reporter
:”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung
David the nuju caketnanya?”
Ayanti
:”Hmmm.”
Kabayan
:”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”
Ujug-ujug Syahlacin
datang.
Iteung
:”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”
Ayanti
:”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti
baheula.”
Kabayan
:”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di
mobilnya.”
Saentos si Kabayan
angkat Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.
Ayanti
:”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik
leungeun si Iteung)
Iteung
:”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni
siga aya sesuatunya.”
Ayanti
:”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)
Iteung
:”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”
Ayanti
:”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh
paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka
maneh.”
Iteung
:”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka
Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit
deui ka acara salanjutna.
Sanggeus kajadian eta
teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel
ka Syahlacin.
Iteung
:”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”
Kabayan
:”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)
Iteung
:”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti
pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray
narsis)
Kabayan
:”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup
telepon)
Sanggeus Kabayan nutup
telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras
isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.
Syahlacin
:”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut)
Kabayan
:”Aya naon?”(Raray sarius)
Iteung
:”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh
keneh ka maneh.”
Kabayan
:”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”
Iteung
:”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung
isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”
Kabayan
:”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon
ka dieu?”
Iteung
:”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”
Di tukangeun
manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa
sedih teras mutuskeun angkat ka luar kota.
Ayanti
:”Aww.”(Sabari nabrak Cenang)
Nanang
:”Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.”
Ayanti
:”Ah,awas maneh banci.”(Sabari
ninggalkeun Cenang jeung Nanang)
Cenang
:”Ihh,meuni kaktus pisan.”
Nanang
:”Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!”
Cenang
:”Oh enya-enya.”
Isukna,Iteung ngiring
mulang ka desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna mutuskeun
ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga
baheula.
ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA
“TAMAT’’